Wiktionary:Émbohan

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Dina ngawangun kecap aya unsur-unsur anu diwuwuhkeun kana wangun dasar, anu di dieu disebut émbohan. Ari anu kaasup kana émbohan nyaéta afiks, proléksém, formatif, jeung klitik.

Rarangkén[édit]

Afiks atawa rarangkén nyaéta morfém kauger anu sok diwuwuhkeun tur napel kana wangun dasar bari mibanda harti gramatikal. Contona, di- dina kecap dibaju. Disawang tina cara jeung tempat napelna, aya lima rupa rarangkén, nyaéta:

  1. Rarangkén hareup (awalan, préfiks), anu napel di hareupeun dasar;
  2. Rarangkén tengah (seselan, infiks), nu diseselkeun di tengah dasar;
  3. Rarangkén tukang (ahiran, sufiks), anu napel di tukangeun dasar;
  4. Rarangkén barung (barungan, konfiks), nu mangrupa rarangkén tunggal minangka barungan tina dua rarangkén, biasana napel di hareup jeung tukangeun dasar;
  5. Rarangkén bareng atawa gabung (ambifiks), anu mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih tur napelna kana wangun dasar teu binarung, tapi bareng wungkul.

Rarangkén dina basa Sunda jumlahna leuwih ti opat puluh. Ěta rupa-rupa rarangkén téh bisa ditabélkeun di handap ieu.

Awalan Seselan Ahiran Barungan Gabungan
a- -al- -a ka--an di-+-ar-
al- -ar- -an kapi- di- + -an
ar- -in- -ana pa--an di-+-ar-+-an
ba- -um- -eun pang--na di-+-keun
di- -ing pang--keun di-+-ar-+-keun
ka- -keun pi--eun di-+pi-
N- -na pika- di-+pika-
pa- -ning pika--eun di- + pang-+-keun
pang- sa--eun di- + pang-+ N-+-keun
per- sa--na di-+pang-N-+-ar-+-keun
pi- di-+pang-N-+-ar-+-an+keun
ra- N- + -ar-
sa- N-+-an
sang- N-+-ar-+-an
si- N- + -keun
sing- N-+-ar-+-keun
ti- N-+ pi-
ting- N-+ pika-
um- N-+ pang-+-keun
N-+ pang-N-+-keun
ka- + -keun
pa-+ N-
pa-+ ting- + -ar-
pang-+ N-+-keun
pang-N-+-ar-+-keun
pang-N-+-ar-+-an+keun
pang- + dipika- + -na
pang- + N-+pika- + -na
ting- + -ar-

Proléksém[édit]

Proléksém atawa pangdeudeul nyaéta morfém kauger anu diwuwuhkeun atawa ditapelkeun kana bakal kecap (cakal, bagal, atawa puhu), teu bisa dijembaran, katangén warnana, sarta ngandung harti léksikal. Contona, -wan dina kecap wartawan. Disawang tina warnana, aya tilu rupa proléksém nya eta (a) panyebut, (b) panglaku, jeung (c) pamilang. Wanda, wujud, katut conto proleksem bisa ditabelkeun di handap ieu.

Proléksém Posisi Conto
Hareup
Tukang
Panyebut para-, pari-, pra-, pasca- -man, -wan, -wati paraguru, paribasa, praduga, pascapanén, budiman, wartawan, seniwati
Panglaku barang-, pada-, sili-, silih-, pili-, pilih- barangbeuli, padadatang, silihsimbeuh, piligenti
Pamilang éka-, dwi-, tri-, catur-, panca-, dasa- ékamorfém, dwifungsi, tridarma, caturtunggal, pancasila, dasasila

Formatif[édit]

Formatif atawa pamaseuk mangrupa engang anu diwuwuhkeun atawa diseselkeun kana jangkar kecap, cakal, atawa kecap panganteur. Hartina bisa katangén bisa henteu. Contona: ge- dina kecap gebut jeung -or- dina kecap gorolong. Dina tabél ieu dipidangkeun conto formatif.

Pamaseuk Jangkar Kecap Conto Kecap
Dwiengang Triengang
be- cir becir
-el- nyéh belenyéh
-er- beng berengbeng
bé- -ér- wék béréwék
bu- -ul- bus bulubus
-ur- but burubut
ce- prut ceprut
-el- ngok celengok
ga- jleng gajleng
ge- blok geblok
-el- ber geleber
ha- bek habek
je- prut jeprut
ka- plok kaplok
-al- cat kalacat
ke- clak keclak
-er- lep kerelep
se- brut sebrut
su- -ul- sup sulusup
to- -or- jol torojol

Klitik[édit]

Klitik atawa sénggéh mangrupa morfém kauger nu diwuwuhkeun kana kecap, geus miboga harti léksikal, biasana jadi gaganti milik tur aya pasanganana jeung kecap gaganti. Klitik anu diwuwuhkeun hareupeun kecap disebut proklitik, ari nu diwuwuhkeun tukangeun kecap disebut énklitik. Contona, proklitik pun-, sim-, tuang-, jeung énklitik -na dina kecap pun bapa, simkuring, tuang putra, jeung indungna.

Baca ogé[édit]