Lompat ke isi

beuteung

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas

Basa Sunda

[édit]
Kecap barang [su]

beuteung

  • Padaharan; tempat nampung kadaharan nu didahar.
  • bagian awak manusa atawa sato anu perenahna di handapeun dada jeung di luhureun palapakan, tempat wadah kadaharan (susu, peujit, jeung réabna deui); padaran. Kecap ieu mangrupikeun ragam basa loma, sedengkeun ragam lemesna nyaéta patuangan atawa padaran.
  • "Kuring teu bisa saré ti peuting kusabab beuteung karasa mules jeung sebel."
  • "Sabab can sarapan ti isuk, beuteung si Udin ti tatadi geus disada gogorowokan."
  • "Calana mang Udin geus teu muat deui lantaran beuteung manéhna beuki ngabadagan."
  • "Ulah wanci sareupna kénéh geus baranghakan anu lada, bisi engké beuteung jadi nyeri."
  • "Kamari ucing kuring ngajuru opat, katembongna ayeuna beuteung ucing teh geus kempes deui."

Tingkatan basa

[édit]
  • beuteung : basa loma
Tarjamahan[?]