hurung

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas

Basa Sunda[édit]

Kecap kaayaan[édit]

Hurung nunjukeun kaayaan caang; teu tangtu kudu kaduruk , siga “Fosfor hurung dinu poék.” Tapi hurung dikaitkeun paheut kana hasil ngaduruk; nyaéta caang nu dihasilkeun tina ngaduruk. Hurung lain seuneu, sabab seuneu bareng jeung “panas anu ngaduruk” tapi hurung ukur nyaangan hungkul; “hurungna panonpoé ti gigir gunung,” tapi seuneu pasti hurung.

1) "bul hurung ngukusna, sakur sarat geus tarapti" [1] ~ kaduruk kukusanana.

2) "nulung seuneu anu hurung, ari béh kagét kacida, mendak kanjeng tuan asisten ngudupung, ngalungsar di sisi jalan" [2] ~ ningali seuneu anu ngagegedur, caang ngabela-bela.

Hurung dikaitkeun ka hirup, sabab caang ngait kana seuneu anu nunjukeun gerak, ngabebela na seuneu; misal, mobil hurung, jsb. Hurung oge nunjukeun ngawujud, aya, muncul, sabab ku aya na caang, nu saacannana poék jadi katempo, jadi nunjukeun rubah kaayaan benda nu sacana pareum; misal hurungna radio, HP, jsb.

Hurung durukan

Kecap sifat[édit]

Hurung ogé dikaitkeun kana sifatna anu “moncorong” tina poék ka caang, tina henteu jadi aya, hegar, ngagedur jadina (Ind. Pancar); "ngahurungkeun sumanget," nyaéta ngajadikeun aya na sumanget tina saacanna euweuh. “Keur hurung ngaran si éta dimamana, katelah jago Karaté saprovinsi” ; hurung ~ kakoncara, dimisalkeun caang anu ayeub kamamana.

1) "tihang layar kayu laka, hurung beunangna ngahinggul, siang beunang ngajringan." [3] ~ kayu na hurung-caang lamun kasorot panon poé, sabab geus dipulas (?) ku geutah jering (jengkol), sigana warnana jadi beureum, sakaligus ngaawétkeun kayuna.

Hurung sering dikaitkeun kana kaayaan jiwa jeung pikiran anu sifatna maya, keur gede rasana, atawa pangarti nu punjul, ditarima ku balaréa, pengaruh; “élmu na hurung, nyaangan jalma réa.”

Sabab ngait kana caang dikaitkeun ogé kana pakaya; utamana emas jeung pérak. Mana laju disilibkeun kana beunghar, nanjeur, kawasa jsb; "hurung nangtung, siang leumpang" ~ jalma beunghar nu sagala aya, méré mawéh kasasama.

Akar kecap[édit]

1) Lamun urang nimbang kahuruan , dirucat: ka-huru-an, kecap asli na huru. Huru kiwari ukur nunjuk ka durukan gede. [4] [5]

2) Tuluy urang ogé manggihan siduru, dirucat: si-duru. Kecap durukan, dirucat: duruk-an, kecap asli na duru.

3) Aya oge mirun jeung pirunan; ti dieu aya akar run nu sarimbag jeung “duru[k]” ogé “huru[ng]”

Dina Proto-Oceanic kapanggih “pururuŋ” ~ caang; glow or flame of fire. [6] Di wilayah Papua-Solomon-Selandia Baru: di Adzera (Morobe, Papua Nugini); bururuŋ ~ burn, be on fire. Di Motu (basisir kidul Papua Nugini); hururu ~ to blaze, of fire or torch; a flame. Di Ghanongga (Solomon); vuru-vuruŋu ~ flame. Di Talise (Solomon); vuru ~ to burn. Di Maori (New Zealand); huru ~ glow; glow and so rise, of the sun, huru-huru ~ diffused glow.

Cindek na, akar kecap run, rung, huru, jeung hurung sumebar ti Nusantara-Kulon, utama na Pasundan, ngantai ka Papua Nugini Kidul, ka Salomon, ka New Zealand.

Tapi “huru” di Pasundan kari “hurung” , boga misan duru – duruk, jeung run-mirun-pirun.


Pustaka[édit]

Citakan:Reflist

  1. Wawacan Batara Rama; Kajian Intertekstualitas, Dr. Kalsum, M.Hum, UNPAD 2008.
  2. Wawacan Carios Munada, Dr. Edi S. Ekadjati, Drs. Aam Masduki, Dra. Tatiek Kartikasari, Dep. P & K Dir. Jarahnitra, Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Nusantara, Jakarta 1993.
  3. Tiga Pesona Sunda Kuna, J. Noorduyn & A. Teeuw, Pustaka Jaya, Jakarta 2009.
  4. Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda, Penerbit Kiblat, Citakan ka-4, Bandung 2015
  5. Kamoes Soenda - Indonesia, R Satjadibrata, Cetakan ke-2, Balaipustaka, Jakarta 1950
  6. http://www.trussel2.com/acd/acd-s_p.htm