Lompat ke isi

kicimpring

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas

Basa Sunda

[édit]
Kecap barang [su]

kicimpring

  1. kadaharan anu sarupa jiga opak dijieun tina hui tangkal (sampeu).
    • Anu ngabédakeun opak jeung kicimpring nyaéta dina urutan cara ngajieunna. Ngajieun kicimpring atawa ényé, sampeu anu geus diparud laju dibumbuan, langsung dicitak dina daun awi atawa tutup panci, terus diseupan kakara dipoe nepika garing. Sedengan cara ngajieun opak, sampeu meunang marud dikeueum antara 1-3 poe, diganti caina unggal poe. Saréngsé dikeueum karék dituuskeun terus dibumbuan, léahkeun dina katél nepika asak. Tungguan nepika haneut kuku kakara dicitak dina daun atawa dina luhur karung, poé nepika garing.
Sinonim
  1. ényés