Lompat ke isi

mayeng

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas

Basa Sunda

[édit]
Kecap sipat [su]

mayeng

  • terus-terusan teu eureun; maneuh; mayeng (ajeg) dina hiji kaayaan; tuluy-tuluyan dina waktu anu lila.
  • "Ti mimiti kamari nepi ka ayeuna, hujan téh mayeng waé can aya raatna."
  • "Usaha manéhna mah bisa maju sabab ladangna mayeng unggal poé aya baé nu meuli."
  • "Sanajan bari digawé, kuring mah mayeng kuliah unggal poé Saptu jeung Ahad."
  • "Awakna nyorocod deui sabab muriangna mayeng ti peuting mula can turun-turun."
  • "Lamun hayang pinter main gitar mah urang kudu mayeng latihan unggal poé, ulah haraneut tai hayam."

Tingkatan basa

[édit]
  • mayeng : basa loma
Tarjamahan[?]