Wiktionary:Ambahan tata kecap

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Istilah tata kecap diwangun ku dua kecap, nya éta tata "bérés, aturan, kaédah" jeung kecap (Sunda buhun: kcep) "ucap, omong". Saujratna mah, tata kecap téh mangrupa aturan atawa kaédah ngawangun kecap, ku kituna, sok disebut tata wangun kecap. Dina basa Indonésia disebutna morfologi, minangka serepan tina basa Inggris morphology. Ari asal-muasalna mah tina basa Yunani, nya éta tina kecap morpho = "wangun" jeung logos = "élmu". Jadi, morfologi téh élmu perkara wangun.

Tata kecap mangrupa salasahiji bagian tina tata basa, anu maluruh kecap, cara ngawangunna, selang-surupna, sarta patula-patalina kana harti jeung warna kecap. Lebah dieu katangén yén tata kecap téh maluruh kecap katut unsur-unsur pangwangunna. Cindekna, tata kecap téh ngulik jeung medar perkara adegan kecap katut cara ngawangunna.

Ditilik tina kalungguhanana, tata kecap mangrupa bagian tina tata basa, anu raket patalina jeung bagian tata basa lianna, boh tata sora boh tata kalimah. Patalina tata kecap jeung tata sora nya éta lebah wangunanana. Tata kecap mangrupa panerus tina tata sora. Kecap anu diwangun ku morfém-morfém téh, dina dasarna diwangun ku runtuyan sora-sora. Ari ulikan patalina antara tata kecap jeung tata sora téh disebutna morfofonologi atawa morfofonémik.

Patalina tata kecap jeung tata kalimah nya éta lebah gunana. Tata kecap mangrupa dadasar dina tata kalimah. Ari sababna, wangun kecap minangka bahan ulikan tina tata kecap, mangrupa salahsahiji tina opat pakakas kalimah atawa alat sintaksis. Ari tilu alat sintaksis lianna nya éta lentong, kecap pancén (partikel), jeung runtuyan kecap. Ulikan patalina tata kecap jeung tata kalimah sok disebut morfosintaksis.

Minangka alat sintaksis, wangun kecap bisa dipaké nyirian kalimah, upamana, bédana kalimah aktif jeung kalimah pasif. Contona baé, anu ngabédakeun kalimah aktif

(01) Kuring meuli baju.

jeung kalimah pasip

(02) Baju dibeuli ku kuring.

nya éta lebah wangun kecap nu jadi caritaan. Dina kalimah (01), caritaan meuli mangrupa kecap rundayan dirarangkénan hareup N-. Ari dina kalimah (02), caritaan dibeuli mangrupa kecap rundayan nu dirarang-kénan di-. Tangtu waé aya pangbéda lianna, nya éta runtuyan kecap.

Ambahan tata kecap anu dipedar ngawengku dua hal utama, nya éta wangun kecap jeung warna kecap. Ari pedaranana diadumaniskeun sarta ngurung perkara:

  1. kecap, anu ngawengku
  2. wangenan kecap
  3. pangwangun kecap
  4. pangwuwuh kecap
  5. wangunan kecap
  6. warna kecap
    • kecap barang (nomina),
    • kecap pagawéan (vérba),
    • kecap sipat (adjéktiva),
    • kecap bilangan (numeralia),
    • kecap pancén (partikel).