Lompat ke isi

mutu

Ti Wikikamus basa Sunda, kamus bébas

Basa Sunda

[édit]
Kecap barang [su]

mutu

(file)
  • parabot dapur nu gunana keur ngaréndos sambel; ngaran lainna pangréndos; dijieun tina batu atawa kai; baturna coét.
  • Mutu téh dipinjem ku Bi Cici kamari.
  • Meli mutu mending nu tina batu daripada kai.

Tingkatan basa

[édit]
  • Mutu: basa loma
Tarjamahan[?]

Mutu

  1. Pakakas paranti ngalemeskeun bungbu anu dipasangkeun jeung coét; dijieun tina batu atawa kai, bentukna pondok sarta mibanda cecekelan.

Catetan

[édit]

Dina kamus Rigg (1862, kaca 303), kecap ieu dijelaskeun kieu:

  • Mutu: "The muller or pestle used with the Choet to grind spices or other ingredients." (Anu ngalemeskeun atawa halu leutik anu dipaké bareng jeung coét pikeun ngalemeskeun bungbu atawa bahan lianna).

Étimologi

[édit]

Kecap asli tina basa Sunda.

Ieu kecap nyampak dina Kamus A Dictionary of the Sunda language yasana Jonathan Rigg.
Ieu kecap nyampak dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata.